Kamis, 18 Desember 2014

Da Aing Mah Naon Atuh

“Aing mah teu beuki da ka raja anu ayeuna mah!”, Mang Ican ngamimitian nyarita. “Emangna kunaon atuh mang?” ceuk Mang Usro mere respon yen manehna ngadengekeun omongan Mang Ican. “Sok, atuh cing regepkeun ku sia. Basa bareto keur acan naek tahta mah asa anu heeuh perhatosan ka aing-aing, naha ayeuna katingalina perhatosanana ngan keur anu darekeut jeung manehna. Asa teu rido da aing mah” Mang Ican curhat panjang lega jiga acara ngaji dina tipi. “Tuluy, ari sia rek naon, demo? atawa rek pindah nagara? atawa rek nyieun nagara tandingan?” Mang Usro nembalan. “Ah, teu nyaho aing mah, da aing mah naon atuh, geus milih raja tuluy si raja teu respek ka aing” Mang Ican jung nangtung bari ngaleos indit.

Aran Abdi Apan Acan Di gero !

Kenek kopaja* asa aneh kahiji jelema anu dandananna meuni “necis” jiga om-om di gedongan, ngan naha ti terminal mangkat nepi ka terminal nepi teu eucrag-eucrag dina kopaja. Tuluy noel ka supir, ceuk supir  tanyakeun weuh ka eta jelema.
Tuluy weuh si kenek anu aranna Bang Poltak teh nanya, ” punten, kang. Geuning akang teu lungsur-lungsur, emang bade lungsur di mana?” **
“Lha, geuning malah naros ka abdi. Apan nami abdi teu acan di gentraan ku akang kenek” tembal anu acuk necis **
“Geuning tiasa kitu?” nyilidik bang Poltak **
“Lha,akang ieu kumaha. Titadi anu digeroan, “Sudirman…Sudirman lungsur..”tuluy..Tamrin…Tamrin..lungsur. Apan aran abdi Sanusi acan di geroan wae, nya geus weuh abdi teu lungsur”
Eta Bang Poltak gagaro teu ateul.
Nambih Carios : * Angkutan kota ti Jakarta
** Nyariosna jelema di luhur make basa Indonesia

Sok Nyanyahoanan, Saha Anu Sakolana Ceunah ?

Neng Yuli urang Solo tulen gaduh caroge Kang Asep urang Sunda asli di damel janten resepsionis di hiji klinik geus mangtaun-taun. Pangalamanana nyanghareupan loba karakter jelema geus dumuk wareugna.
Dina hiji wanci aya hiji awewe paruh baya, pok wae nanya ka Neng Yuli ” Neng, di dieu aya anu di rawat atas nami Neng Eroh henteu?”
“Muhun, sakedap ibu, di aos heula ku abdi dina komputerna” waler Neng Yuli.
“Oh, muhun aya ibu Neng Eroh di rawat inap di kelas tilu”saur Neng Yuli deui.
“Euleuh, si eneng nyanyahoanan ceunah. Da sakolana mah kakara kelas dua neng, lepat meureun” tembal si ibu eta.
Da, eta mah Neng Yuli ngahuleng. Teu lila gumesem ngajentrekeun. Yen sanes sakolana anu di tingali tapi ayeuna di rawatna Neng Eroh teh di ruangan kelas tilu.
Si ibu unggeuk bari ngaleos siga anu euweuh kajadian nanaon.

Potona Da Atos Gaduh, Dok !

Dr.Toto keur mariksa budak awewe leutik anu kacida kuruna, ngan bet anehna dijajapna ku ninina. Salidik beak salidik yen indungna mangkat ka Saudi jadi tkw, bapana geus lila maot.
“Bu, dupina  neng geulis ieu kedah di “poto” heula. Supados katerangan naon panyawatna”, saran dr.Toto ka ninina.
Tuluy bae ninina nyeletuk, “Oh, dokter peryogi poto incu abdi?. Teu kedah di poto deui atuh dok, da ieu abdi geu gaduh potona.” Bari si nini ngaluarkeun poto dina dompetna.
“Ieu, poto 4X6, aya keliran deui. Poto ieu sesah di kintun ka Saudi, da basa harita indungna menta di kirim poto budakna”, ninina ngajelaskeun panjang lebar.
Dr.Toto ngan bisa nahan seuri dina hatena, bari ngadumel dina hatena ” Jeung naon aing butuh poto budakna, da maksud aing mah poto torak ronsen”

Di Jalan mah euweuh Anu Baleg

“Hayu urang tatarucingan!!”, dokter Toto ngamimitian panca kaki
“Tutumpakan urang kondisina hade, jalan raya kaayaanana hade, surat-surat urang lengkap kabeh. Naha masih keneh kacilakaan?, kunaon alesanana?”, taros dokter Toto ka abdi sadayana anu aya di rohangan.
Babaturan abdi caricing wae, abdi nyeletuk ” da, batur anu goblogna nabrak tutumpakan anu keur di taekkan”
Dokter Toto mesem, “Leres pisan, eta pisan tah”.
Tambihan : mugi sosobatan ieu meunang berkah ti Gusti Allah swt, aamiin

Teu Beuki Es

Keur ngarobrol jeung neng Yesimping urang Jogja.
” Neng, ari neng beuki  “es” teu?” **, ceuk kang Agus ka neng Yesi
“Henteu, abdi mah teu beuki “es” **, waler neng Yesi ku basa Indonesia
Eta lambey urang asa ateul ngadanguna, prak weuh ku urang teh di omong ka neng Yesi jeung kang Agus.
“Anu baleug weuh , piraku neng Yesi teu beuki “es”. Mun teu beuki “es” mah atuh aranna sanes Yesi tapi Yeimping” ceuk urang.
Tambihan : (** ngobrol-na make basa Indonesia)

Nyalutak Ka Kolot

“Da asa kukeheulna ningali kalakuan kolot mah, jiga anu pangalusna laku lampah teh. Embung disalahkeun, ari mikanyaah ka budak hiji jeung budak anu sejenna teu sarua kitu oge ka incuna”, Iik nanahan pinyeurieun dina hatena.
“Da kudu kumaha deui atuh, di hiji sisi kudu ngarti yen rido Gusti aya di rido kolot, ngan mun kolotna asa teu mumuja Gusti pageuh piraku urang kudu unggeuk ka kolot”, Iik sumasrah dina pangsujudan.
“Da,sanes teu ngartos ka kolot, maranehanana anu ngayakeun urang tur ngungurus ti leutik, sing sumpah lain hayang dipikasieun ku kolot ngan cing atuh urang geu boga hate”Iik gagaungan ceurik katahan ka Gusti,
Iik poho aya paribasa kolot mah makin kolot balik deui kalakuanana ka kalakuan budak.  
Jeung deui, Iik kudu emut carita kanjeng nabi Ibrahim ka bapana.