Dr.Toto keur mariksa budak awewe leutik anu kacida kuruna, ngan bet anehna dijajapna ku ninina. Salidik beak salidik yen indungna mangkat ka Saudi jadi tkw, bapana geus lila maot.
“Bu, dupina neng geulis ieu kedah di “poto” heula. Supados katerangan naon panyawatna”, saran dr.Toto ka ninina.
Tuluy bae ninina nyeletuk, “Oh, dokter peryogi poto incu abdi?. Teu kedah di poto deui atuh dok, da ieu abdi geu gaduh potona.” Bari si nini ngaluarkeun poto dina dompetna.
“Ieu, poto 4X6, aya keliran deui. Poto ieu sesah di kintun ka Saudi, da basa harita indungna menta di kirim poto budakna”, ninina ngajelaskeun panjang lebar.
Dr.Toto ngan bisa nahan seuri dina hatena, bari ngadumel dina hatena ” Jeung naon aing butuh poto budakna, da maksud aing mah poto torak ronsen”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar