Kamis, 18 Desember 2014

Sanes Urusan Abdi

Dinten saptu lingkungan istana anu agreng tur merenah kacida ramena ku kumpulna kulawargi pamingpin nagara. Aya budak lalaki anu kahiji tur boga bisnis di lembur bapana, aya budak awewe anu nomer dua basa keur usum tes pagawe sipil kungsi ngiluan, duka katampi atawa henteuna mah. Anu panderi si bungsu anu kakara lulus ti sakola bangsa deungeun.
Anu matak anehna mah kapungkur mah sok “kukulusukan” basa acan janten patinggi nagara mah. Ngan basa ditanyakeun deui ku juru warta “geuning asa jarang nempo di pilemburan ayeuna mah,pa?”
Pok kieu nembalanana,”sanes urusan abdi apan padamelan eta mah,taroskeun wae ka wakil abdi”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar